Ngawulang Di SD
Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot, tina dandanana mah siga guru SD eta teh, diuk na angkot di hareup gigireun supir. Bari ngadagoan angkotna pinuh, supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta.
Supir : "Dupi ibu ngawulang di SD?"
Bu Guru : "Muhun"
Supir : "Ngawulang Seni...?"
Bu Guru : "Sanes"
Supir : "Agami...?"
Bu Guru : "Sanes..."
Supir : "Ngawulang naon atuh..?"
Bu Guru : "Ngawulang Bahasi....!"
Supir : "Ooo...hh..!" Ceuk supir bari nincak gas.
Sent by: Zamzam Alit on Jul 1st, 2009 Rating: 3.35 (17 votes)Supir : "Dupi ibu ngawulang di SD?"
Bu Guru : "Muhun"
Supir : "Ngawulang Seni...?"
Bu Guru : "Sanes"
Supir : "Agami...?"
Bu Guru : "Sanes..."
Supir : "Ngawulang naon atuh..?"
Bu Guru : "Ngawulang Bahasi....!"
Supir : "Ooo...hh..!" Ceuk supir bari nincak gas.
Angkot Jeung Ojeg
Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.
Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
"Kunaon sia ngudag-ngudag aing?"
"Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?", jawab tukang ojeg.
"Aing mah diudag pulisi", ceuk supir angkot.
"Aing oge," jawab tukang ojeg.

Halu
Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal wancina dahar beurang sok datang ka imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.
Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.
Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.
Jang Ahmad :"Kumaha Nyi wartosna.... damang ?" ceuk Jang Ahmad bari basa-basi
Nyi Ipah :"Sae kang..." bari rada bendu
Jang Ahmad :"Pami Kang Dadangna pangesto ? nuju kamana...?"
Nyi Ipah :"Nuju di kebon, nyaeta ayeuna mah Kang Dadang teh rada kaganggu emutanana ayeuna teh.....". Nyi Ipah ngabohong bari masang taktik.
Jang Ahmad :"Na kunaon kitu ...?" bari semu heran
Nyi Ipah :"Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu Kang Dadang teh sok neunggeul tamuna ku halu..."
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang Ahmad langsung pamitan....teu lila datang Jang Dadang, salaki Nyi Ipah.
Jang Dadang :"Aya saha tamu bieu teh Nyi ?"
Nyi Ipah :" Eta..... Kang Ahmad rek nambut halu ngan ku abdi teu dipasihkeun..." bari ngabohong
Jang Dadang :"Naaa atuh halu-halu wae........kadieukeun urang susulkeun..."
tuluy Jang Dadang nyusul Jang Ahmad bari mamawa halu. Teu lila Jang Ahmad geus mimiti kaciri tereh kasusul.
Atuh Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang Ahmad bari ngacungkeun halu. Puguh we Jang Ahmad beuki tarik lumpatna pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun halu.
Sent by: Mohamad Yusman on Sep 9th, 2008 Rating: 3.70 (10 votes) Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.